Hapunten sim kuring bade ngiring jabung tumalapung dina ieu majilis
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Harti tina paribasa "jabung tumalapung" nyaeta "milu nyarita tapi henteu nyaho nanaon". Tapi, kalimah "Hapunten sim kuring bade ngiring jabung tumalapung dina ieu majilis" eta mah hartina alus, nyaeta eta jalma teh ngarumasakeun atawa handap asor di hareupeun jalma jalma anu hadir dina eta majilis.
Paribasa "jabung tumalapung" teh biasana aya tuluyna nyaeta "jabung tumalapung sabda kumapalang" anu hartina "milu nyarita hiji perkara, sakapeung nempasan omongan batur, tapi henteu nyaho nanaon". Jadi, eusi paribasa "jabung tumalapung" teh konotasina negatif, tapi kalimah "hapunten ngiring jabung tumalapung" konotasina positif.
Belajar lebih banyak tentang "Paribasa" dalam bahasa Sunda di :
https://brainly.co.id/tugas/9354962
https://brainly.co.id/tugas/12436631
https://brainly.co.id/tugas/2370812
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Kelas : IX (3 SMP)
Kata Kunci : Jabung tumalapung, paribasa