B. Daerah

Pertanyaan

Cik jien guguritan tina patokan pupuh kinanti :12-a,7-i,6-a,7-a,8-i,5-a,7-i

1 Jawaban

  • Guguritan nyaeta puisi Sunda anu kaiket ku aturan pupuh. Pupuh Kinanti nyaeta pupuh anu miboga guru wilangan jeung guru lagu 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i. Sedengkeun pupuh anu miboga guru wilangan jeung guru lagu 12-a,7-i,6-a,7-a,8-i,5-a,7-i mah nyaeta pupuh Durma. Jadi, pananya nu diluhur teh henteu jelas kumaha maksudna. Aya tujuh belas rupa pupuh. Pupuh anu kahiji nyaeta pupuh Kinanti, sedengkeun pupuh anu ka 17 nyaeta pupuh Durma.

    Pembahasan

    Kusabab anu ditanyakeun teh nyaeta guguritan tina patokan pupuh kinanti 12-a,7-i,6-a,7-a,8-i,5-a,7-i, eta ngaran pupuh teh henteu saluyu jeung guru wilangan sarta guru lagu anu disebutkeun, saperti anu geus dijentrekeun di luhur. Kukituna, di handap ieu nyaeta conto guguritan anu make patokan pupuh kinanti jeung pupuh durma:  

    • Guguritan pupuh Kinanti

    Sanajan ge kudu nunggu (8-u),

    karasa bungah di ati (8-i),

    teu aya rasa guligah (8-a),

    nu aya bungah jeung seuri (8-i),

    nunggu panggih jeung manehna (8-a),

    geus lila kaimpi-impi (8-i).

    • Guguritan pupuh Durma

    kota tempat panineungan urang Sunda 12-a,

    ngaranna Sukabumi 7-i,

    nu ngumbara betah 6-a,

    sabab alamna endah 7-a,

    Sukabumi tinggal resmi 8-i,

    ceuk cacandranna 5-a,

    ngan lain ngaran resmi 7-i

    Pupuh nu aya, nyaeta 17 rupa pupuh, dibagi jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh, Puisi Sunda, salian ti guguritan, anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta wawacan. Guguritan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit. Sedengkeun wawacan mah biasanya ngan saukur ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung wungkul.

    Pelajari lebih lanjut

    1. Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
    2. Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    3. Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : X

    Mapel : Bahasa Sunda - Guguritan

    Bab : 8

    Kode : 10.13.8

    Kata Kunci : Pupuh kinanti, pupuh durma, puisi Sunda

Pertanyaan Lainnya